Ka’asih Indung (Cinta Kasih Ibu)
Oleh: Dedi Mulyadi
Indung lembur panineungan
Wasilah mata munggaran
Alam nyanggap papasangan
Tangtu nu jadi ukuran
Ngampar lemah jajalanan
- Ibunda kampung ingatan
- Perantara mata pertama (yang pertama kali dilihat)
- Alam selalu berpasangan
- Tentu yang jadi ukuran
- Terbentang tanah menjadi jalan
Lampah hirup dilakonan
Kaasih indung marengan
Samping jangkung gelung jucung
Awak rengkung disebakeun
Sesa umur dianteurkeun
- Jalan kehidupan dilakoni
- Cinta kasih bunda menyertai
- Kain ditinggikan Sanggul diikatkan
- Badan bungkuk ditegakkan
- Sisa Umur dihantarkan
Ngaguru ku kabodoan
Ikhlas eusi kapinteran
Ciduh metuh jajampean
Ajeg lampah dilakonan
Lemah ngamparkeun kaheman
Nungtun laku ning kamelang
Panas ajaran tibeurang
Ngaguru ka poek peuting
- Berguru karena kebodohan
- Ikhlas mengisi kepintaran
- Ludah Mantera (doa) makbul
- Tegar melangkah dilakoni
- Tanah Menghamparkan kasih saying
- Menuntun laku yang mengkhawatirkan
- Panas ajaran dari Siang hari
- Berguru kepada kegelapan malam hari
Susuci ku cai ibu
Pahing getih pahang tulang
Ayun ambing ayun ambing
Ajeg tangtung hirup nanjung
- Bersuci dengan air susu Ibu
- Amis Darah dan Pahang Tulang
- Ayun ambing ayun ambing
- Tegar pendirian kehidupan berutung
Lampah hirup dilakonan
Kaasih indung marengan
Samping jangkung gelung jucung
Awak rengkung disebakeun
Sesa umur dianteurkeun
Samping kebat gogoleran
Endah rema gugupayan
Sapanjang indung marengan
Ajeg lampah kamulyaan
Lemah ngamparkeun kaheman
Nungtun laku ning kamelang
Panas ajaran tibeurang
Ngaguru ka poek peuting
Susuci ku cai ibu
Pahing getih pahang tulang
- Langkah Kehidupan dijalani
- Kasih Sayang Bunda Menyertai
- Kain Sarung ditinggikan Sanggul Rambut diikatkan
- Badan bungkuk ditegakkan
- Sisa Umur dihantarkan
- Kain Kebat* (…longgar) untuk berbaring
- Indah Irama memanggil-mangil
- Selama Ibunda menyertai
- Tegar melangkah menuju kemulyaan
- Tanah menghamparkan kasih sayang
- Menuntun laku yang mengkhawatirkan
- Panas ajaran dari Siang hari
- Berguru kepada kegelapan malam hari
- Bersuci dengan air Ibunda
- Amis Darah dan rasa pahang ( …………) tulang
Ayun ambing ayun ambing
Ajeg tangtung…
…hirup nanjung
- Ayun ambing ayun ambing
- Tegar Pendirian….
- … Hidup beruntung.
http://www.stafaband.co/mp3/download/lagu_dedi_mulyadi.html
https://www.facebook.com/samsuri.mellon/videos/1027130157393884/
Karya: Dedi Mulyadi
- Girimis meuntaskeun bentang
- peuting neundeun panineungan,
- bulan muru katangtuan balebat nganteurkeun caang.
- Neang wanci pang harepan, moal peunggas ku lamunan.
- simpe taraje nahate langit neuteup ngadeukeutan,
- srangenge mendakan poe beurang muru lembur peuting,
- lemah mapag rasa heman sagara ilang kamelang.
- Lembur lengkob pamatuhan seah dangding meuntas langit.
- Ngampar jajar kahuripan cai nyurupkeun kaasih,
- sagara paheut ka lemah sumujud pangeusi nagri.
- Kawung cunduk nganteur waktu marahmay pangeusi nagri,
- durugdug munding malati muka welas matri asih,
- raga nyurup kawaluya bagea dulur baraya.
- bumi manjing kalangitan seah hujan kabagjaan.
- Ajeg gunung satangtungan susukan panjang harepan, melak tangkal ajeg lemah tung-tung waktu teu tinemu.
Lungse
Karya: Dedi Mulyadi
- Peuting tingtrim ku poekna
- Beurang mernah ku caangna
- Leumpang muru katangtuan
- Asih nu jadi harepan
- Sirah cai semu nyeri
- Bingung lemah pangbalikan
- Rongkah jiga nu amarah
- Dimana kaasih gusti
- Leungeun meunggaskeun lamunan
- Panon poe semu semu lungse
- Bulan rumahuh ka gunung
- Bentang leungiteun udagan
- Waktu teu nyurup itungan
- Usum teu mernah ka mangsa
- Sagara mapagkeun lemah
- Ngajerit pangeusi nagri
- Bingung mulangkeun dirina
- Muru waktu teu tinemu
- Teuing kamana balikna